Ciri nu Husnul Khotimah

 KABITA

__________________

Sanggeus diimeutan ku pikir, dirarasakeun ku hate. Tungtungna kabita.


Mang Oded (Wali Kota Bandung) wafat keur ngalaksanakeun shalat sunnat tahiyyatul masjid. Malah jigana maca surat al fatihah ge can tamat.

Niat ti imahna rek khutbah, nyimpang ka kantor BTM/DKM, teu lila di kantor lantaran hayang shalat sunat heula. Nalika asup ka masjid pastina ngucapkeun Allohummaftah lii abwaaba rohmatika, nyuhunkeun dipaparin rohmat/kaasih (dipikanyaah).


Keur shalat (karek ge kira-kira nincak maca al fatihah), Allah marentah malaikat ngajemput. innaa lillaahi wa innaa ilaihi raaji'uun. Sanggeus wafat tangtuna loba nu ngadu'akeun. Tungtungna kuring kabita.


Mineng asup 'n kaluar masjid teh kacida hadena keur urang (loba ibadah nu jiga enteng tapi berbobot), komo dina umur-umur saperti kuring. Tungtungna kuring kabita.


Sok geura lenyepan sing imeut mudah-mudahan jadi pelajaran keur urang sarerea, dina raraga taqarrub ka Gusti nu mahasuci.

Malah mandarar dipikaasih tur dipikanyaah ku Anjeuna.

Aamiin.

Kegegelan, 11122021


Ditulis ku :

Ust. Dahlan Ramli (Imam Masjid Raya Mujahidin)


#masjidmujahidin #masjidmujahidinbandung #walikotabandung #mangodedwafat


Komentar

Postingan populer dari blog ini

REINKARNASI ALGAR ( ALUN-ALUN GARUT )

BIODATA

Sebuah Pepatah